slogan leutika prio

Inda Nugraha Hidayat

Inda Nugraha HidayatE-Mail: indaenha[aT]gmail.com

Inda Nugraha Hidayat. Garut, 7 Maret 1980.




Daftar Buku

Jumlah buku:2

1. Lalakon Nu Ngalalakon
Lalakon Nu Ngalalakon"Kabita ku sajak Inda nu ngaguluyur lir nu keur monolog. Abong kasangna tina teater ongkoh, ngaekspresikeun gagasan dina wangun sajak teh mani lancar. Salian ti monolog, Inda ge dialog. Inda dialog jeung 'nu karasa najan teu katara' bari mertelakeun ‘nu katampa najan tan karampa'. Monolog jeung dialog Inda mangrupa retorika cinta, ieu nu jadi kapunjulan dina sajak-sajakna. Nyaritakeun cinta, tangtu jembar pisan. Retorika Inda ge motret eta, monolog batin antara hubungan dirina jeung

2. INDIGO
INDIGOInda Nugraha Hidayat, geus moal aya nu bireuk deui pikeun para fikminer katut pamacana di lapak FBS mah. Fikmin-fikminna teu weleh matak pogot macana. Dina ngolah jejerna, tokoh-tokohna,ngolah basana, ngarugal-rigel plotna, estu dumasar kana tinimbangan nu enya-enya daria. (Godi Suwarna, Sastrawan, Kuncén FBS) Ambahan fikmin Inda lega pisan. Rupa-rupa jejer kalayan tapis diolah jadi karya fikmin nu matak pogot macana. Sakapeung bangun hayang humariring dina kedaling tresna nu dimomotan rupaning harti rangkepan, sakapeung fikminna midangkeun carita-carita nu saliwat asa basajan, tapi ana diteuleuman, bet karasa éndahna, da puguh Inda 'cumarita' jeung rasa tur pakakas basana kaitung pepek. Enya, da lian ti ngarang fikmin, Inda gé panyajak. Mindeng karasa dina fikminna, akeulan kalimahna mibanda musikalitas nu matak genah macana, plastis, tur dina takeran nu pas. Teu matak giung. Kalan-kalan deuih muncul fikminna nu leuwih karasa spontan. Plotna jalingeur, midangkeun adegan nu matak kéom, tapi ogé 'aya eusian'. Humor nu nyamuni, temahna lain wungkul matak kapiasem, tapi ogé mekelan 'pikiraneun' pikeun nu maca. (Nazarudin Azhar, Sastrawan, Nu Ngadegkeun Lapak FBS) Dina tradisi kasastraan, Garut tara towong ngalahirkeun pangarang ti generasi ka generasi. Munculna Inda Nugraha Hidayat nu leukeun ngarang sajak jeung fikmin, nandakeun éta tradisi tuluy lumangsung. Papadaning kitu, Inda tuluy kudu galungan jeung waktu nepi ka kapangaranganana enya-enya kauji jeung diaku ku balaréa. (Darpan, Sastrawan)

Leutika Leutika